Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Pangling

Selasa, 12 Mei 2020

DINA hiji mangsa, aya ibu-ibu anu rék nyanghareupan méja operasi alatan panyakit tumor. Basa keur nungguan asup ka ruang operasi, dina blankar manéhna ras inget kana umurna anu teu pasti. “Boa teuing poé ieu kami bisa nempo alam dunya, tapi lamun operasi lancar meureun atuh kami téh masih panjang umur,” gerentesna bari teu eureun ngadu’a ka Gusti anu Maha Welas Asih.

Keur ngadu’a kitu sakolebat manéhna asa ningali aya malaikat ngadeukeutan. Langsung wé manéhna nanya, "Malaikat nu ku jisim abdi dipihormat, dupi abdi dinten ayeuna bakal maot henteu?” ceuk éta si ibu. Walon malaikat, "Ih, ari Ibu, masalah umur mah urang teu apal da éta mah geus aya anu nangtukeun. Tapi dina catetan sim kuring, poé ieu mah Ibu moal maot, soalna ibu mah maotna 30 taun deui."

Lantaran yakin bakal maot 30 taun deui, langsung éta si ibu anu tadina saukur rék diangkat tumorna, ménta sakalian dioperasi plastik. Ceuk pikirna méh nyerina sakalian. “Sakantenan wé dokter, abdi ngajengkeun operasi plastik, raray bagian pangambung, lambey, damis, sareng soca,” ceuk éta si ibu. Dokter nurut baé kana kahayang si ibu, salian irungna dimancungkeun, lambey jeung damis dikandelan dipasang silikon.

Basa rék mulang ti rumah sakit, dina kaayaan masih lungsé alatan dibius. Di tempat parkir si ibu teu luak lieuk, langsung ngajugjug mobilna. Teu katingali jeung teu kadéngé aya sora sirine mobil ambulan ngebut mawa pasien kacilakaan ka ruang UGD. Teu antaparah deui éta si ibu ngacleng katabrak ambulan.

Si ibu teu katulungan, harita kénéh layona dibawa ka kamar mayat. Waktu tepung jeung malaikat, manéhna ngambek pédah anu diomongkeun ku malaikat teu kabukti. "Cenah kuring moal maot poé ayeuna, malah 30 taun deu? Tapi geuning kieu kajadianna, kami maot!,” ceuk si ibu. Walon malaikat, “Ih, hapunten Ibu. Manawi téh sanés Ibu, da abdi janten pangling?”*

Mang Haye - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya